hehehehehe

Posted: 28 April 2008 in arsip

Panineungan Supriatna
DI lembur kuring harita, taun 50-an, jelema sakota katangkes ku dokter dua. Dokter Sanusi Galib jeung Dokter Junaédi. Doktor nyarebutna gé, lain dokter.
Duanana gé isuk-isuk mah darines di rumah sakit, da papada padamel negri. Soréna prakték di bumi masing-masing, dokter Junaédi peuntaseun Gudang Gumbira, péngkolan jalan Kebonkol, dokter Sanusi kaléreunana, pagigir-gigir jeung pakgadé.
Nu kabandungan mah sanajan usum pagebug gé tara tangka ngaliud pasén di bumi duanana téh, di térasna tara kungsi nénjo ceplék ngadérés sendal ngajajar.
Tangtu lain pédah jelema harita tara garering, ngan karéréaanana sakalieun gering téh cukup ku ditambaan ku ubar-ubaran kampung: dangdaunan, aakaran, geugeutahan, sisikian, beubeutian, kekembangan, ciasak-hérang meunang nyampé, jsb.
Rupa-rupa prak-prakan ngubaranana téh. Aya nu diseduh, diinum, aya nu dibalurkeun, aya nu dipokokeun.
Nu anéh aya, babakuna ka budak, sina napel dina awakna: dikongkorongkeun, digeulangkeun, digénggékeun, dipupuksuhunkeun, dicorétkeun kana tarangna.
Mana teu anéh, baréto mah réa budak bucitreuk dikongkorongan. Gagantélna ku siki matahiang, ranténa ku bola kantéh. Ngajendil wé siki matahiang téh luhureun beuteung bucitreuk. Panyinglar cacingeun pajar téh. Soal manjur-manjurna, teuing. Da buktina mah matahiang-matahiang, beuteung mah angger wé bucitreuk, pahérang-hérang jeung matahiang.
Mun orok nyekleuk waé sisidueun, tarangna sok ditapelan soék samak, sagedé kuku cinggir mah. Minangka pangrapetna ngarah napel, dilétak wé.
Mun raheut rada jero, boh kacugak, tipagut, titajong, kakeureut, kapancong, atawa ku naon wé, gampang. Babadotan dirieus (mun rusuh mah diseupah wé, siga nyeupah), plok wéh dipokokeun. Geuning sok jadi guguyon baréto mah, mun nu keur cacarita aya nu nyebut “pokona mah…” anu, anu, anu, sok diéngklokan, “pokona mah babadotan…!” Cirining populér pisan tah daun pahang téh!
Nu muriang mah sok dikekeb: baskom atawa émbér eusi cipanas didekeman bari dikungkurung sarung sangkan saabna teu kalabur. Tong dibaju, dicalana pokék wé. Malah alus mun daék mah bulucun, moal éra da buni ku sarung. Si saab téh sina ngulikbek nyaput sakujur awak nu harééng (siga mandi sauna jaman ayeuna kira-kirana mah). Cicing wé meunang saparapat jam mah, wayahna kesel gé pan hayang cageur. Bisi singsireumeun, atuh diuk dina jojodog pendék, tong campego waé. Mun geus lantis, bakékok wéh bijil. Mani sok ngoprot awak téh ku saab campeur késang, atuh sarungna cipruk. Dianduk wéh geus kitu mah, sing tuus. Mun enya mah geringna ukur muriang atawa salésma, rata-rata sok mending ku dikitu téh. Atuh mun teu mending, éta téh cicirén kasakitna lain ukur muriang, gancang ngala dukun!
Aya deui nu disebut ‘dileuhang’. Siga tadi wé dikekeb, ngan nu didekemanana lain cipanas wungkul, tapi cipanas pangléoban papahangan jeung kekesedan kayaning daun jeruk, kadu, nangka sirsak, dayang, alpuket, jsb. Sajaba ti nyageurkeun muriang téh, alus deuih pikeun nu katerap ararateul dileuhang mah.
Rupaning panyinglar mah (rampé, sisikian, dangdaunan, jsb) aya nu diwur-awur sakuriling imah, atawa diruang di pipir, atawa digantungkeun di lawang ka imah, atawa dikawedkeun dina rambu, kumaha wé galibna. Mun hususon awak budak nu rék diaping-dijaringna, nya ditapelkeun téa dina awakna—dikongkorongkeun, digeulangkeun, digénggékeun, dibeubeurkeun, jeung sajabana.
Nu pikageuleuheun aya peta-laku ngubaran téh: dibura! Mangkaning nu ngaburana téh dukun nu saumurna teu wawuh jeung sikat gigi, komo odol. Mangkaning nu dibura téh… beungeut! Sampurna!
Jadi boga lalakon dukun téh harita mah. Doktér gé éléh pangaruh.
Réa nu sarieuneun malah ku dokter mah. Da ongkoh sok dihajakeun dijieun panyingsieunan budak ceurik, ngarah répéh. “Dibawa ka doktor pék, ceurik waé mah, sina ditojos!”
Ditojos cenah nyebutna gé, da meureun ari nyebut disuntik mah sieun budak kurang gilaeun.
Jaba bajuna sok barodas waé, dokter mah, matak ras kana boéh. Da ku sorangan gé kaalaman, sakalieun ka rumah sakit, ngambeu ubar jeung nénjo lalar-liwat nu dibaraju bodas téh, batan inget kana kaséhatan mah kalah ras kana pasaran. Malah nepi ka detik ieu gé kuring mah ngukut kasakit nu teu leungit-leungit: aringgis disuntik!
Minangka unggulna dokter téh, sok disebut juragan. Juragan doktor Junaédi, atawa Juragan Doktor Sanusi, nini gé paribasa. Ka dukun mah teu kawénéhan ngadéngé aya nu nyebut juragan, paling gé: abah, mang, ki, jeung sabangsana. Atuh mun dukunna awéwé: Ma, Bi, Ni, Ceuk, Mok (tina ‘embok’, lain ti nu lain-lain), jeung sajabana.
Méh di saban lembur aya dukun téh.
Tapi nu kasebut dukun lepus mah ukur hiji-hijieun. Bari teuing deuih kumaha ujianana hiji dukun bisa dianggap lepus téh. Da sapanjang nu kabandungan mah nu tatamba ka dukun nu cenah lepus gé, teu kabéh cageur. Malah teu kurang-kurang nu kalah parna. Nu bengék dimandian ku cikembang tengah peuting ngeweng-ngeweng, batan mending kalah tambah sahéng sora rebab tina tikorona téh. Nu nyeri panon dipeureuh ku sambarangan cai—pédah meunang nyampé—batan cageur kalah paor ka dituna téh.
Tapi tara jadi perkara. Komo nepi ka kelak mah ka nu wajib—ngadakwa dukun ngalakukeun mala-prakték. Atuda teu nyahoeun-nyahoeun acan rata-rata jelema harita mah yén nu salah ngubaran, nepi ka nu gering beuki kumaonam, bisa didakwa.
Éuweuh rugi dukun mah. Mun nu tatamba cageur, komo cageur ku sakali mah, pasti tambah sohor, pasén juljol rejeki ngocor. Mun nu tatamba teu cageur-cageur, kajeun pulang-anting gé, tara dukun nu disalahkeun. “Lain aji nu teu matih, lain jampé nu teu manték, panyakit bagéan wé éta mah,” kalah kitu omong jelema téh.
Tapi teu kalis pisan kétah, kiritikan ka dukun téh, pan geuning aya kekecapan ‘dukun lintuh, panyakit matuh’. Panyindir jelema ngarti tangtuna gé, ngageuing balaréa sangkan teu katotoloyoh teuing.
Sajaba ti dukun, méh di saban lembur sok aya jelema nu kasebut bisa nambaan tapi teu kurup disebut dukun. Pangabisana ukur kana kasakit nu énténg-énténg, kayaning muncrut, seueul angen, bélék, borok, bisul, aday, congé, tijenghak, incok, kasibat, cacingeun, jsb.
Cara di lelewek kuring pisan, nu bisa nambaan éénténgan kitu téh Mang Basah, jeung Uyut O’o.
Uyut O’o mah lain nu lian, uyut teges kuring, emana nini. Rawas-rawas baé mah kuring gé inget, sok moncongok lalajo Uyut O’o ngubaran budak nu seueul angen atawa mules beuteung. Teuing da dibalur ku dangdaunan beunang ngarieus.
Diinget-inget mah hayang seuri, da dipasing-pasing dukun gé: aya dukun umum, aya dukun spésial. Atuh dukun spésial dipasing-pasing deui deuih, aya spesialis muncrut, spésialis bélék, spésialis seueul angen, spésialis nyeri huntu, spésialis bebenjit, jsb.
Cara si ema urang Ketib tah… teuing Ma naon ngaranna maké poho deui, spésialis nyeri huntu ieu mah. Sohor pisan satungkebing lembur kuring mah. Kolot-budak nu nyeri huntu geus teu beunang diwawa, sok dibawa ka dinya.
Ngubaranana téh modél, ku cucunguk! Cucunguk hideung leutik teu jangjangan geuning, nu sok patingsurungkuy dina taneuh ngeprul, di kolong gé réa.
Sakanyaho mah sok ngadadak ngala, tara bangga atuda harita mah ngala cucunguk téh. Disuay-suay meueusan gé taneuhna, sok riab. Kek, kek ditéwakan. Terus dirieus dina coét parantina, teuing sabaraha likur siki, asal sacomoteun wéh. Geus lembut pék dikeupeul. Koronyoh-koronyoh dijampéan, terus dibalurkeun diulas-alés saampar pipi beulah nu nyeri huntuna. Ingkeun wéh sajongjongan. Cenah sok renung ulam kalaluar tina kulit pipi, patingaruyek—teuing da sabangsa bilatung lembut kacida (cenah) ulam téh. Tah si ulam éta ulon-ulon nyanyautan téh.
Lain béja lebah prak-prakan praktékna mah, da kuring gé ngalaman dikitu-kitu, dibawa ku indung, kaluman meureun ngawiwiw baé.
Cageur kitu harita téh? Teuing poho deui cageur-henteuna mah. Nu inget mah ruy-réy gila jeung geuleuhna wé dipupur ku bubuk cucunguk. Geus rada hideng mah sok mugen haben diolo tatamba kikituan téh, kajeun ngababaheum odol wé, lada-lada gé.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s